Spesial Kanggo Sohib


pamungkas yeuh nyarios sunda ka kang idzul seteuacan resmi jadi arek suroboyo

nu mimiti pisan, teu kaci pisan bin kacida tegana heug eta buku 3 mun teu dibayar, lantaran ayeuna mah posisi simkuring jeung anjeun musuh, moal aya musuh nu hayang lawanna meunang, heeh teu? ngan urang hungkul, mun manggih nu lian jago lah. ngan mun di jalan yeuh misal papanggih omat, misal keur pkl, hayu urang pasea, tong tatalang raraga, da geus kanyahoan saha nu meunang, saha geura? Pek ngaku? Meh rada fair keur anjeun urang bari nangklod kana ucing weh urang acelog-acelogan, :D
teu ngarti mah lanjutkeun weh baca ka handap.
kanyataan yen urang jeung anjeun kudu papisah, KuasaNa nu boga caangna bentang, nu ngagaduhan semesta raya. Usaha mah geus ngucur kesang sawaduk jatiluhur meureun, da ente ge nenjo pan da sisieun saya wae. Sugan urang misah mah yen mancar tah makin ngaburinyay. Jadi kiblat keneh duo papaehan smansa ti kulon hiji ti wetan hiji. teu ti hiji tempat. Intina mah urang tetep duaan dzul, beda waktu beda tempat hungkul.

Ngan hiji nitip, mun manggih babaturan jiga urang dzul, beja ka eta babaturan salam ti saya. ngenta pihampura khusus sajero”na simkuring dzul mun salila sabangku urang boga salah, adu sikut jeung urg mah biasa kan? Biasana ge padagor pulpen lain? :D
Nitip dua, mun ningali awewe geulis tong sakali” ngabejaan urang, nyeri hate di bandung mah tiap 5 meter aya, didieu mah aduh, 5 km eta ge kalau beruntung, teu kedah disebatkeun, beda weh pokokna mah. :DBeja mah mun geus bisa rakit robot weh,

tong pati ditancep kana manah eta tulisan dzul, heureuy,
punten mun aya nu rumaos ngiring maca bilih undak usuk abdi lepat, da ka sohib mah abdi saayana, ditambih emang sundana asal sunda weh nu nulis mah, hampura pisan

sukses dzul,
bawa sebelah semangat saya yang ingin ke stei kemarin,

ttdiqbal

Komentar